Thursday, August 5, 2010

Aki Jeung Nini Nganjang Ka Taman Safari


Kasibukan gawè tètèla bisa nyababkeun jalma “kurung batokeun”, enya bakating ku ngagugulung pagawèan, sakapeung nepi ka teu nyaho yèn alam dunya tèh lega. Komo anu geus mandita mah, anu geus ninggalkeun “dunya hideung”, ti imah indit gawè, mangsa mulang tèh tuluy wè tafakur ti imah.
Malah teu saeutik diantarana anu hirupna kawas banggbara, ari di luar mani ramè, geus nepi ka sayangna mah, mani teu kecèt-kecèt acan. Hiburanana saaya-aya anu di imah, nongton tipi, video jeung patih goah.

Ceuk Kang Iyan, sanajan Taman Safari geus kakoncara ka mancanagara, kaceluk ka awun-awun, malah loba turis (wisatawan) mancanegara anu geus nganjang ka tempat ieu, tètèla teu sakabèhna urang Bogor (Kota jeung Kabupatèn) kungsi arulin ka dinya. Kanyahoanana tèh basa anjeunna marengan para pensiunan PNS/TNI/ Polisi jalan-jalan ka tempat ieu.
“Saur Pa Wali, lamun biasana pasamoan dua bulan sakali jeung para pangsinan pikeun silih simbeuhan pangalaman, sabab anu pangsiun tèh gawè, sedeng pamikiran jeung pangalaman mah pan henteu milu pangsiun dina bulan ieu mah dileungikeun, bisi bosen. Numatak diayakan cucurak ka Taman Safari, samèmèh bulan puasa,” ceuk Kang Iyan. “Kumaha tah satuluyna?” cèkèng tèh panasaran.

“Enya tètèla loba diantarana loba kènèh anu can pernah arulin ka tempat èta, kitu tèana mah dima’lum kusabab teu kaur keur digawè mah,”tèmbalna. Bari barabat nyaritakeun kaayaan di dinya. Basa diajak ka Taman Safari tèh mani barungaheun pisan, malah sapanjang jalan ka nu dijugjug, aranjeunna anu umurna geus tunggang gunung tèh, ngararawih atawa kakarokèan sagala. Enya kitu tèana mah, wajar, sabab dina diri manusa tèh, keukeuh wè masih kènèh aya sifat bubudakeun sanajan geus karolot ogè.

“Malah lolobana mah sifatna tèh balik deui ka mangsa budak, teu kaopan, gancang ambek, berewit jeung hayang leuwih diperhatikeun,” pokna daria.
“Ah, èta mah manusiawi atuh Kang, boa urang ogè leuwih ti kitu lamun geus saumuran kitu mah. Aranjeunna mah geus ngalaman kolot, pan umur urang mah can tepi ka dinya,” cèkèng tèh bari seuri maur.

“Ku kakarana nyaba ka dinya, nepi ka tingharuleng, geuning kieu cenah anu disebut Taman Safari tèh, loba binatang leuweung sagala.Kituna tèh bari jeung muji kana kaagungan Allah.”

Kasempetan, tètèla hiji pasualan anu kacida pentingna. Pikeun para pajabat anu harita nyaba ka Taman Safari, lain pèdah teu mampu teu kungsi datang ka dinya tèh, tapi teu kaur. Aya anu kaur ku waktu, waragadna suwung.

Kitu ogè anu geus boga kasempetan dina harti geus mampu ngalaksanakeun rukun Islam anu ka lima, lamun teu dipareketkeun mah pikeun ngalaksanakeunana, nya moal-moal gancang tinekanan. Palebah dieu mah kudu dipaksakeun, sabab bisi kasempetanana kaburu leugit ku mangrupa-rupa sabab.

Saha anu apal lamun isuk jaganing gèto, Allah numibakeun cobaan, boh ku kasèhatan anu kaganggu (gering), harta bandana leungit, atawa umurna teu panjang. Pan èta mah rahasiah Allah. Kitu ogè, pagawèan anu mangrupa kahadèan sèjènna, afdolna mah gancang dilaksanakeun meungpeung aya kasempetan. Gancang geura shalat meungpeung aya kènèh waktuna samèh porot, atawa meungpeung hirup kènèh, samèmèh maot!

Ku Dadang H. Padmadiredja
Sumber : Jurnal Bogor

0 comments:

Post a Comment

 
Template designed using TrixTGTema: My Pc Has A Happy Gnome, Criado Por: Katatempla.